Caket Pisan ti Bandung Barat, Resto ieu Bakal Ngakibatkeun Wargi Terkenang ka Zaman Baheula

 


Sampurasun Wargi Bandung Barat! Hayu, sakali-kali urang meuntas wates ka tatangga sabeulah. Teu jauh ti Ngamprah, aya tempat dahar nu nuansa Sunda zaman baheula. Upami Wargi urang kota, bakal ngarasa rada anéh upami ningali sawah di tengah kota. Wargi tiasa tuang di saung sareng kulawarga sareng anu dipikacinta. Namina Gedong 55 Resto & Warkop anu perenahna caket RS Dustira, Jl. Sudirman No 55, Baros, Cimahi Tengah. Caket pisan.

Ngamangpaatkeun wangunan warisan ti jaman Walanda, ieu tempat ngajanggélék jadi réstoran nu nuansa Sunda. Pas nepi ka lawang panto, urang bakal disambut ku Akang-akang ganteng anu bakal masihan nomer meja urang. Pas ngaliwatan panto Wargi bakal disambut ku karyawan. Kuring sorangan poho kumaha ngagorowokna, tapi aya kecap "Dibageakeun!!!......". Pokona kitu lah.

Pas lebet, urang langsung tiasa ningali ornamen sapertos jagong sareng béas garing ngagarantung. Sigana mah jagong jeung pare asli. Olahanana digelar jiga dapur nuansa imah Sunda baheula. Aduuhh.....terkenang pisan, euy. Karasa jaman baheula teu eleh ku Warung Klotok Jogja. Deuuh....anu kantos ka Jojga.

Kadaharanan rupa-rupa, nepi ka bingung kudu dahar naon. Sagalana katingali pikabitaeun. Ampir-ampiran eta cimata, eh ciduh ngeclak teu kaampeuh. Aya dua rupa sangu. Sangu bodas jeung sangu liwet. Saatos pesen, mayar langsung milih tempat naha Wargi badé diuk dina méja atanapi lesehan ngampar di saung anu aya di sisi sawah.

Aya naon wae di Gedong 55?. Salian ti tempat anu lega, seueur meja, Gedong 55 dilengkepan ku fasilitas mushola anu bersih, tempat parkir gratis, korsi orok/anak, balong lauk, cai enteh sawuereuna, jamban, wastafel sareng keran anti drama, sareng lilin anti laleur.

Tah ku abdi ngabagikeun peta, alamat sareng poto... Diantos pisan nyaa...

(drd)

Kadaharanan sareng lalawuhna :




Alamatna :

IG : https://www.instagram.com/gedong.55/

Gedong55 Resto&Warkop

Restoran

Saung+Sawah Dilebeut Gedong

Buka Unggal Dinten 10.00-22.00 WIB

📍Jl.Jend Sudirman No.55 Baros,Cimahi Tengah

Informasi Pemesanan(Call/WA): 082129916547

Peta : https://g.co/kgs/mzCfbTj

Poto-potona :

Aya nyiru ditarapelkeun kieu.

Tiasa nginum cai enteh saweureuna.

Nyiru deui....nyiru deui.

Aya balong dieusian lauk nu areuweuh gawe.

Saung sisi sawah. Aya keneh sawah geningan.

Mushollana bersih pisan, euy.

Nuansa peuting  caket saung. Romantis pisaaan.

Panto-panto zaman Walanda

Tuh....aya jagung ngagarantung. Gelaran olahan kadaharan nuansa dapur emak zaman baheula

Ranginang, krupuk, sambel jeng baladna.

Tah ieu penting pisan keur ngusir laleur, sekalian gala diner romantis. 

Tuh lucu pisan nya restona.

Plafonna luhur pisan, teu areungap.

Jalan ka Musholla. Loba pare, besek, digarantung.

Wastafel anti drama. Moal muncrat nyimbeuh kana beungeut.

Tah orok dikorsian didieu ngarah tuangna anteng.

Wilujeng Sumping

Parkirna lalega, bisa main futsal.

Kaayaan peuting di parkiran.





Post a Comment for "Caket Pisan ti Bandung Barat, Resto ieu Bakal Ngakibatkeun Wargi Terkenang ka Zaman Baheula"